:

2 Babad 11

1

Sasumpingna ka Yerusalem, Rehabam ngumpulkeun prajurit anu panghadena ti kaom Binyamin jeung kaom Yuda, saratus dalapan puluh rebu urang, rek merangan kaom-kaom Israil kaler, pikeun ngarebut deui kakawasaanana.

2

Tapi aya timbalan PANGERAN ka Nabi Semaya,

3

anu kudu ditepikeun ka Raja Rehabam jeung rahayat kaom Yuda jeung Binyamin. Dawuhana-Na,

4

"Ulah merangan ka Israil dulur sorangan. Maraneh geura baralik bae. Kajadian kieu geus pangersa Kami." Maranehna narurut kana timbalan PANGERAN, teu tulus merangan Yarobam.

5

Rehabam tetep calikna di Yerusalem. Kota-kota di wewengkon Yuda jeung Binyamin ku anjeunna dibentengan:

6

Betlehem, Etam, Tekoa,

7

Betsur, Soko, Adulam,

8

Gat, Maresa, Sip,

9

Adoraim, Lakis, Aseka,

10

Sora, Ayalon jeung Hebron.

11

Unggal benteng dicekel ku hiji panglima, lengkep jeung bebekelanana, bahan dahareun, minyak jetun, anggur,

12

kitu deui kepeng jeung tumbak. Ku jalan kitu anjeunna tetep ngawasaan wewengkon Yuda jeung Binyamin.

13

Ti sakabeh wewengkon Israil, para imam jeung urang Lewi parindah ka Yuda, wewengkon kidul.

14

Urang Lewi nepi ka cul sampalan cul tanah, parindah ka Yuda jeung ka Yerusalem, lantaran ku Yarobam anu geus jadi raja di Israil jeung ku pigantieunana teu meunang terus jaradi imam PANGERAN.

15

Malah-malah Yarobam geus ngangkat imam-imam gantina, sina manghuluan di tempat-tempat ngabakti ka brahala, kudu ngabarakti ka jin-jin jeung ka arca-arca anu dirupakeun sapi beunang anjeunna ngadamel.

16

Rahayat di unggal kaom Israil, anu enya-enya sejana ngabakti ka PANGERAN Allah Israil, marilu pindah jeung urang Lewi ka Yerusalem, harayangeun tetep bisa ngurban ka PANGERAN, Allah karuhunna.

17

Atuh karajaan Yuda jadi tambah reugreug dibantu ku maranehna meunang tilu taun. Hirup maranehna tetep sakumaha keur waktu dirajaan ku Raja Daud jeung Raja Suleman.

18

Rehabam garwaan ka Mahalat binti Yerimot bin Daud. Ibuna Mahalat nya eta Abihail binti Eliab, putu Isai.

19

Kagungan putra pameget tilu: Yehus, Semarya jeung Saham.

20

Garwaan deui ka Maaka binti Absalom, puputra opat pameget: Abia, Atai, Sisa jeung Selomit.

21

Geureuha Rehabam kabehna dalapan welas, parekanana genep puluh. Ari putra-putrana dua puluh dalapan pameget, genep puluh istri. Ti saantero garwa jeung parekan, Maaka anu pangdipikacintana,

22

sarta asihna ka putra anu jenengan Abia leuwih ti ka putra-putra lianna, nepi ka dicadangkeun baris jadi raja gegentos anjeunna.

23

Kalawan wijaksana Rehabam maparin rasa tanggung jawab ka putra-putra anu pameget. Pala putrana dipencar di kota-kota anu dibenteng di sakuliah wewengkon Yuda jeung Binyamin, sagala kaperluanana disayagikeun sacukupna, malah dipanglamarkeun pigarwaeun loba pisan.

Link: